Gamelan Degung

gamelan degung

Gamelan degung nyaéta gamelan has tradisional Jawa Barat hususna suku Sunda.[1][2] Kecap degung asalna tina akronim Deg ngadeg ka nu Agung (ngadeg = nangtung, agung = megah atawa pangagung). Lian ti éta asal kecap degung tina kecap ratu-ratu agung atawa tumenggung, sabab jaman harita ieu musik dipikaresep ku para pangagung (ménak atawa bangsawan), misalna Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah V anu sok mgadokuméntasikeun sababaraha lagu. Mimitina mah degung téh dipintonkeun dina wanda instrumental wungkul (karawitan gending), tapi kaayeunakeun mah, degung sok dipaké pamirig lagu. Dina kamus susunan H.J Oosting (1879) kecap degung téh tina kecap De Gong (basa Walanda) anu hartina penclon-penclon nu digantung.

  1. Hermawan Hadliansah, Dadang. BAHAN AJAR Musik Nusantara II (Gamelan Degung). Tasikmalaya2019: EDU PUBLISHER. ISBN 9786239129255. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  2. Kubarsah. R, Ubun.1994.Waditra : mengenal alat-alat kesenian daerah Jawa Barat.

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search